Ads

Sunday, December 16, 2012

Drama Sunda : SI UTUNG NEANGAN CINTA


Babak 1

Di karaton, Putri Purbararang keur cacarita. Adi-adina ngariung, diuk trungkul. Purbararang nyaritana bari tutunjuk. Beungeutna semu geuneuk bangun keur nyidem kakeuheul.


PURBARARANG    : ( bari ngacungkeun curuk.) “Rama Prabu teh teu adil. Naha anu
ddijungjung jadi ratu bet Si Purbasari, budak bau cikur??Naha?? dNaha lain aceuk anak nu pangkolotna??Aceuk teu tarima!!”
PURBALEUWIH     : ”Atuda pilih kasih Rama Prabu mah, Aceuk. Geuning katingalna dmani nyaaheun pisan ka Si Purbasari mah. Padahal urang teh dkapan palaputrana keneh. “
PURBAMANIK        : “Enya, lepat kaputusan Rama Prabu teh, Aceuk. Kedahna mah dAceuk anu diistrenan jadi Ratu teh.”
PURBAKANCANA : “Pedah geulis meureun si Purbasari mah, Aceuk!!”
PURBARARANG    : ( Jebi ) “Hemh, asa Sarah azhari we meureun nyah??”
PURBADEWATA   : “Padahal geulis keneh Aceuk ceuk abdi mah da. Aceuk mah dsalirana jangkung kawas Tamara Bleszinsky, rambutna meles dngarumbay kawas Cornelia Agatha. Rarayna bodas kawas…..Si dOmas.”
PURBARARANG    : ( Molotot ) “Naon, maneh ngahina ka Aceuk, Purbadewata??”
PURBADEWATA   : ( Bari seuri ) “intermeso atuh, ceuk!! Aceuk mah bete wae sih dkatingalna.”
PURBARARANG    : ( Riukna daria ) “Yeuh, dengekeun ku sarerea !! Aceuk rek dngumpulkeun sakabeh patinggi karajaan !! Aceuk kudu diistrenan djadi Ratu !!”
PURBAENDAH       : “Keheula Aceuk !! Lamun kitu, urang teh meureun bahula teu dtumut kanu jadi sepuh. Kumaha lamun urang sarerea meunang ddodoja dewata??”
PURBARARANG    : “Maneh rek melaan Si Purbasari ?? Pek, jeung maneh sakalian di dbuangna.Si Purbasari ku kami rek du buang ka Gunung Cupu. d(Tuluy ngageroan Paman Lengser) Paman Lengser, Paman dLengser !!”

( Torojol paman lengser nyampeurkeun, cong nyembah.)

PAMAN LENGSER            : “Aya pikeursaeun naon, enden putri??”
PURBARARANG    : “Mana Si Purbasari ?? Cing sina kadieu, Paman!!”
PAMAN LENGSER            : “Tadi mah keur ngadaweung bae di pengker, enden. Ke atuh ku dPaman bade digeroan.”

 Paman lengser ngaleos. Teu lila geus norojol deui ngiringkeun putrid Purbasari. Gek Purbasari diuk emok bari tungkul hareupeun Purbararang.
PURBARARANG    : “Yeuh, Purbasari !! kami geus badami jeung sapangeusi karaton, dsemet poe ieu maneh teu jadi Ratu, sarta ayeuna keneh rek ddianteurkeun ku Paman lengser ka Gunung Cupu.”
PURBASARI            : ( Ngahuleung sawatara lila,tuluy pok bari dareuda.) “Sumangga, dAceuk. Abdi mah seja tumut kumaha kapalay Aceuk. Mung dkumaha ke abdi cuang-cieung di leuweung sorangan ??” ( dNginghak ceurik )
PURBARARANG    : “Tamaha sorangan !! Bongan maneh jadi anak emas, dipikanyaah dbebeakan ku Rama Prabu. Ayeuna kudu narima wawalesna !! dGeuwat Paman lengser, anteurkeun ayeuna kenehdka Gunung Cupu. Bekelna cai sabatok jeung palupuh sabebek.”
PURBADEWATA   : “Bekelan HP atuh, Aceuk. Ngarah tiasa sms-an ke sareng abdi.”
PURBARARANG    : “Jempe maneh, Purbadewata!! Henjung, Paman, geura indit!!”
PAMAN LENGSER            : ( Bari reuwas, colohok )” Ke, ke!! Heunteu leupat kitu kupingan dPaman, teh enden??”
PURBARARANG    : “Piraku kudu make speker Paman ?? ( sorana leuwaih tarik ) dAyeuna Paman kudu nganteurkeun Si Purbasari ka Gunung Cupu.”
PAMAN LENGSER            : ( ngalengis ) “emh, ulah luluasan kitu, enden!! Pamali bilih enden dmanggih balai!!”
PURBARARANG    : ( morongos ) “Paman !! Paman moal nurut ka kami ?? Naha dPaman hayang diteukteuk beuheung????”
PAMAN LENGSER            : ( acong-acongan nyembah ) “u……u……lah.ulah, enden!! Teu dpindo damel. Paman tumut kana parentah.”
PURBARARANG    : “Pek, ayeuna keneh bawa Si Purbasari ka Gunung Cupu!!”
PAMAN LENGSER            : “Mangga, enden. Mung….eu…eu…!!”
PURBARARANG    : “Naon deui ??”
PAMAN LENGSER            : “Nyungkeun acis kanggo ongkos angkotna, enden!!”

( Purbararang kalah molotot. Paman lengser tuluy nuyun putri Purbasari.)


Babak 2

 Di leuweung, Aki panyumpit keur tatanggahan neangan manuk. Keur kitu katenjo aya lutung cindekul dina tangkal kai. Geuwat bae Aki panyumpit metakeun sumpitna. Ari pek lutung teh bisaeun ngomong.

LUTUNG                   : “Bagea Aki !! nuhun Aki ngulampreng kadieu!!”
AKI PANYUMPIT   : ( Reuwas )” Aeh, Aeh?? Naha lutung teh bet bisa ngomong ?? boa-boa jurig. Iiiiiyyy……”( ngabirigidig sieun )
KI DIRA                    : “Nya lutung kajajaden meureum Aki. Penampakan eta teh. Pasti jurig, Aki. Hayu ah, urang balik, bisi di reweg.”
LUTUNG                   : “Ulah sieun !! kuring mah lain jurig lain genderewo.”
AKI PANYUMPIT   : “Maneh teh saha atuh ?? sato atawa manusa??”
LUTUNG                   : “Lutung Aki !! kuring teh lutung. Tapi pinter bisa ngomong, nya?? Enya, da kuring mah lutung hebring. Lutung gaul. ( bari ngacungkeun jempol ) lutung edun aki,!!”
AKI PANYUMPIT   : “Ah, tangtu maneh lain salutung-lutungna, nya?? Dimana teuing aya lutung bisa ngomong .”
LUTUNG                   : “Ih, Aki mah. Tar nongton filem Sun Go kong kitu ?? Kapan Sun Go Kong ge bisaeun ngomong.”
KI DIRA                    : “Jadi maneh teh baladna Sun go Kong, nya ?”
LUTUNG                   : “Wah, lain balad deui. Pokona si etamah friend weh!! Kapan diajar silatna ge ti kuring.”
AKI PANYUMPIT   : “Ah, wadul maneh mah !!”
LUTUNG                   : “Teu percaya ?? Yeuh, tenjo !!”

( Lutung hut-het menca di luhur tangkal. Gajleng tuluy luncat ka handap, nangtung hareupeun Aki Panyumpit jeung Ki dira )

AKI PANYUMPIT   : ( Ngomong daria ) “Ieuh, sing bener ditanya teh. Saha saenyana maneh teh ?? jeung rek kamana nya lalampahan ??”
LUTUNG                   : “Engke ge Aki bakal apal saha ari kuring. Hayu anteurkeun bae kuring ayeuna ka karaton. Kuring teh hayang tepung jeung Nyi Putri.”
AKI PANYUMPIT   : “Tuh, geus aneh deui bae make hayang ka karaton sagala. Naha teu sieun dipeuncit kitu?? Mangkaning ratuna galak pisan !!”
LUTUNG                   : “Ah, rek dicakar we beungeutna ari galak mah !!” ( Maranehna tuluy arindit, ngajugjug ka karaton )

Babak 3

 Di tengah leuweung luwang-liwung, Putri Purbasari ngeueung sorangan. Diuk di saung eurih, ngahariring bangu prihatin. Di kajauhan aya lutung keur ngintip ngadedengekeun. Sakapeung lutung teh gagaro bari sem culang-cileung.

PURBASARI                        : ( Ngahariring, pupuh Maskumambang )
Aduh ibu ieu kuring prihatin,
Pada nganiaya,
Dulur teu aya nu asih,
Teu bumela mikanyaah.
Cuang-cieung sorangan di sisi lamping,
Taya pangumaha, kuring nandangan kapeurih,
Sangsara taya bandingna.

( Lutung nyampeurkeun ka Purbasari bari ngahariring, ngaheureuyan.)




LUTUNG                   : ( Ngahariring, lagu “ Ulah Ceurik” )
Ulaaah ceurik,
Tong diceungceungrikan,
Tarimakeun janten randa,
Abdi pasrah jadi duda,
Da kieu geuning kuduna,
Urang teu bisa kumaha…

Ulaaah ceurik, ulaaah ceurik..

PURBASARI            : ( Reuwas bari sieun ) “Eh, eh…aya lutung !! saha anjeun teh bet wani-wani nyampeurkeun ka kuring ??”
LUTUNG                   : ( Disada huk-hukan ) “Ulah sieun, eneng !! Kuring teh, eu…sebut we Aa Utung !! Ari eneng saha ??”
PURBASARI                        : “Abdi teh Putri Purbasari”
LUTUNG                   : “Putri ?? Leuh, pantesan mani…”
PURBASARI                        : “Mani naon, A Utung ??”
LUTUNG                   : “Mani geulis sapertos Dian Sastro. He, he, he !!”
PURBASARI                        : “Aa Utung ge keren ih, sapertos Nicolas saputra.”

( Lutung rebeh, tuluy ngagaroan sirah bari disada deui huk…huk…huk..)

LUTUNG                   : “Naha atuh eneng bet aya di tengah leuweung ??”
PURBASARI            : ( Bari ngolesed turun ti saung ) “Kieu dongengna A Utung !! Eneng teh gaduh lanceuk, namina Purbararang, Tah, Purbararang teh jalmina juteeek…pisan. Hiji waktos papap masrahkeun karajaan ka Eneng jalaran anjeunna bade tatapa ka gunung. Teh Purbararang ambek, sirik ka Eneng. Eneng diusir di karaton, da anjeunna hoyong jadi Ratu.” ( sedih )
LUTUNG                   : “Emh, deudeuh teuing !! Teras eneng nyalira bae di leuweung
 teh?”
PURBASARI                        : “Muhun, nyalira wae !!”
LUTUNG                   : “Eneng teu acan…eu…, teu acan gaduh kabogoh ??”
PURBASARI                        : “Teu acan.. naha naros kitu, A Utung ??”
LUTUNG                   : “Hari gini belum punya pacar !!”
PURBASARI            : ( Jeletot Lutung diciwit ku Purbasari) “Ih, A Utung jahat…!! A Utung jahat…!”
                        
Lutung lulumpatan di udag-udag ku Purbasari. Lutung tuluy naek kana tatangkalan. Sanggeus kitu Purbasari bangun capeeun, reup manehna sare disaungna.

Saban kitu Di Karaton…
PURBARARANG    : (Melak cangkeng) “Ehh Aceuk mah panasaran, kumaha nasibna
si Purbasari di leuweung?”
PURBALEUWIH     : “Euleuh-euleuh… gening Aceuk teh sono nyah ka si Purbasari?”
PURBARARANG    : “Eh keheulaanan!”
PURBAMANIK        : “Ah Aceuk mah meuni sok kitu.”
PURBAKANCANA : “Ah bohong nya? Nyarios we atuh ari melang mah.”
PURBARARANG    : “Nyao ah maraneh mah! Sok angger ari geus ngabela si Purbasari
teh.”
PURBADEWATA   : ”Sanes kitu Aceuk, nya urang mah rasa sono, melang ka purbasari teh pasti aya wae, sahanteuna da goreng-goreng oge ka adi sorangan!”
PURBAENDAH       : “Jeung deuih abdi mah sieun ku Rama Prabu jeung Dewata, apan
urang teh geus diamanatan.”
(Saeusi karaton ngadadak jempling)
PURBARARANG    : “Terus harayang maraneh kumaha?” (bari rada sinis)
PURBAENDAH       : “Alusna mah, mending urang teangan wae si Purbasari ka
leuweung.”
(Purbamanik, Prabu Kancana, Prabuendah, jeung Purbadewata nyatujuan saran Purbaleuwih)
PURBALEUWIH     : “Janten, kumaha atuh Aceuk?”
PURBARARANG    : (Mikir-mikir bari jeung ambek) “Nya sok atuh…!!!”
Putri karaton nyiapkeun bebekelan keur ka leuweung. Tuluy wae arindit neangan Purbasari.

Babak 4
Di leuweung… Purbasari keur sare di saung, Nenjo kaayaan Purbasari Lutung bangun kagagas pisan. Manehna tuluy menekung sarta ngagibrigkeun awakna. Aheng pisan, saharita jleg aya karaton agreng. Basa Purbasari hudang, manehna colohok awahing ku reuwas.

PURBASARI               : “ A Utung naha ieu bet ujug-ujug aya karaton ?? A utung teh tukang sihir nya?? A utung pinter ihh... sapertos mak Lampir. Naha A utung bet ngayakeun karaton ?? A utung teh nyaah ka neng nya ?? A utung teh eu…eu…”

 Lutung teu nembal, kalah ngaberetek lumpat ka leuweung. Teu lila, jol aya jajaka mawa kembang. Sok dibikeun kaPurbasari.

PURBASARI                        : “Euleuh-euleuh… saha eta teh meuni kasep-kasep teuing?”
LUTUNG                   : “Maenya Eneng hilap? Abdi teh apanan Lutung tea!”
PURBASARI            : “Leres ieu teh?”
LUTUNG                   : “Muhun… !”
PURBASARI            : “Ah, ajaib atuh ieu mah… Abdi mah da tetep teu percanten!”
LUTUNG                   : “Saleresna….( Tuluy eta jajaka ngahariring, lagu “ Arjuna Neangan Cinta “ )
                                    Tepi, geus tepi kagunung nu luhur
                                    Ngan saukur neangan di mana anjeun
                                    Tepi, geus tepi katungtung Buana
                                    Pikeun hirup babarengan jeung anjeun
                                   
                                    Tepi, geus tepi kalaut samudra
                                    Ngan saukur neangan tempat keur balabuh
                                    Tapi, beuki jauh kuring neangan
                                    Cinta sing horeng beuki teu kaharti

Reff     kuring the Arjuna ……………aaaaaaaaa…………..
                                                Nu neangan cintaaaaaa……………………………..
                                                Para wanojaaaaaaaaaaa…………………………….
Naha teu aya nu cinta……………………………….
PURBASARI            : “Oooh… jadi ieu anu disebat Arjuna teh?”
LUTUNG                   : “Muhun, abdi teh nyamar janten Lutung kanggo milarian calon
istri anu leres-leres….”
PURBASARI            :“Terus naon hubunganna sareng abdi?”
LUTUNG                   : (Greget) “Aduh gusti, sugan teh wanoja ieu ngartos kanu maksad
abdi teh. Naha abdi teh lepat naon?”
PURBASARI            : (Bingung) “Kunaon ieu jalmi teh?”
LUTUNG                   : “Janten kieu Neng geulis, abdi teh bogoh ka anjeun… kersa teu
anjeun janten Permaisuri abdi?”
PURBASARI            : “Euh, bagja ari kitu mah… Naha atuh sanes nyarios titatadi?”
LUTUNG                   : “Aduh….” (Bari jeung nyekel sirah)

Purbararang jeung dulur-dulurna manggihan Purbasari keur duduaan jeung Arjuna
PURBAMANIK        : “Aceuk, tingali! Itu teh si Purbasari? Teu salah manehna teh keur
jeung Arjuna idola urang-urang?”
PURBAENDAH       : “Si Purbasari mah leutik-leutik cabe rawit! Aceuk pasti
kaelehkeun deui nya?”
PURBARARANG    : “Aceuk mah teu rela kakang Arjuna jeung si Purbasari. Naon
kurangna Aceuk sih? Aceuk teh tos nganggo bedak lima centi,
minyak seungit sahari sabotol, acan anu lainna. Piraku atuh lamun
akhirna Arjuna kudu ka si Purbasari mah. Pokona mah teu rela!”
PURBADEWATA   : “Oh, kitu nyah? Pantesan kosmetik abdi gancang seep. Ah aceuk
mah kitu….”
PURBARARANG    : “Apanan ameh gaya gito lho….!”
PURBAKANCANA : “Nya… kumaha Aceuk waelah, da abdi mah ngabandungannana
oge tos CAPE DEH…!”
PURBALEUWIH     : “Ikh… hayu atuh urang enggal ka si kakang Arjuna!”
PURBARARANG    : “Oh, enya nya poho… Hayu atuh!”

(Dulur-dulurna Purbasari datang teu dipikanyaho ku manehna jeung Arjuna)
PUBARARANG       : “Heh Pubasari… Maneh nya, di piceun ka leuweung teh lain
sangsara kalahka meunangkeun Arjuna!”
PURBASARI            : “Eh, aya Aceuk geningan….”
PURBARARANG    : “Alah… jawab heula!”
PURBASARI            : “Gampang et amah!!! Nya kumaha amal-amalan we atuh…!”
PURBALEUWIH     : “Atos… atos atuh, isin aya kakang Arjuna!”
PURBARARANG    : “Jeung naha bet wawanianan ngarebut Arjuna?”
LUTUNG                   : “Eh,eh engke heula… naon maksudna ieu teh?”
PURBARARANG    : “Abdi teh apan Fans berat kakang atuh!”
PURBAMANIK        : “Bohong… abdi ketang!”
PURBALEUWIH     : “Naon da abdi….”
PURBAENDAH       : “Abdi… nu geulis tea!”
PURBAKANCANA             : “Komo abdi imut….”
PURBADEWATA   : “Akh, teu aya nu cocok iwal ti abdi!”
LUTUNG                   : “Heeeh… atos-atos… ieu deuih, abdi mah teu kenal saha di
dinya!”
PURBAENDAH       : “Jadi diantara urang genepan, kakang milih saha?”
LUTUNG                   : “Abdi mah moal milih aranjeun… da abdi mah hoyongna ka
Purbasari.”
PURBALEUWIH     : “Huuh, dasar!” (bari jeung ngadegungkeun Purbasari, tapi kaburu
di cegah ku Arjuna)
LUTUNG                   : “Euleuh-euleuh, sotoy pisan… mimiti ti ayeuna, Purbasari rek di
bawa ka istana kuring, rek dijadikeun Ratu. Jig maraneh mah
baralik!!!”
PURBASARI            : “ Aa leres???”
LUTUNG                   : “Leres, Aa teh tos merhatoskeun Eneng ti kapungkur.  Abdi teh
cinta ka Eneng, margi Eneng mah jalmina tulus. Sanajan wujud
abdi mangrupakeun lutung.”
PURBARARANG    : (Ngajerit maratan langit bari ngacak-ngacak rambut jadi stres)
PAMAN LENGSER            : “Entos ayeuna mah Enden, sing sabar we. Matakna  janten jalmi
tong sok hianat kana amanat Rama Prabu, jantena kenging dodoja
ti dewata.”

Akhirna Purbasari di bawa ka istana ku Lutung, Purbasari tuluy dijadikeun Permaisuri di istanana. Maranehna hirup bungah di istana.
TAMAT

0 komentar:

Post a Comment